Karinding

Karinding mangrupakeun salah sahiji alat musik tiup tradisional Sunda. Aya sababaraha patempatan anu katelah dina ngadamel ieu karinding, samisal ti wewengkon Citamiang, Pasirmukti, Tasikmalaya, Lewo Malangbong, (Garut),jeung Cikalongkulon (Cianjur) anu nyieun karinding tina palapah kawung (enau). Ti wewengkon Limbangan sareng Cililin mah, karinding teh dijieunna tina awi, ieu nyirikeun taun dijieunna, jeung anu makena nyaeta para istri, ningali dina wangunna jiga susuk ngarah gampil ditancebkeun dina gelungan rambut. Sedeng bahan kawung lolobana dipake ku lalaki, wanguna leuwih pondok ngarah bisa diselapkeun dina wadah bako. Wangun karinding aya tilu ruas. Cara Maénkeun Karinding disimpen dina biwir, terus tepak bagian paneunggeulna ngarah kacipta résonansi sora. Karindng biasana dimaénkeun sacara solo atawa grup (2 nepi ka 5 Urang). Hiji diantarana disebut juru kawih anu ngatur ritem. Di wewengkon Ciawi, baheulana karinding dicoo kalayan takokak (pakakas musik bentukna kawas daun). Mangpaatna Karinding teh alat pikeun ngusir hama di sawah. Sora anu dihasilkeun tina keleterna jarum karinding mah sora handap low decible. Sorana dihasilkeun tina gesekan gagang karinding jeung tungtung curuk nu ditepak-tepakkeun. Eta sora anu kaluar teh ngan kadenge ku sabangsa wereng, simeut, jangkrik, manuk, jeung sajabana. Kiwari eta sora teh disebutna ultrasonik.Ngarah betah di sawah, cara nyaadakeunana ngagunakeun baham ngarah resonansina jadi musik. Kiwari, karinding kalan-kalan dibarungkeun jeung alat musik lianna. Bedana nyadakeun karinding eung alat musik jenis mouth harp sejenna nyaèta lebah tepakan. Ari nu sejenna mah ditoèl. Nya ku cara ditepak loba kapanggih wirahma anu beda-beda. Ketukan tina waditra karinding disebutna Rahel, nyaèta keur ngabedakeun saha anu kudu nepak tiheula jeung satuluyna. Nu tiheula makè rahèl kahiji, anu kadua makè rahèl kadua, jeung saterusna. Euyeubna sora nu dihasilkeun ku karinding nimbulkeun rupa-rupa sora, antarana bae sora kendang, goong, saron bonangatawa bass, rhytm, melodi jeung sajabana. Malah ku karinding urang bisa nyieun lagu sorangan, sabab cara nepakna anu beda jeung sora dina baham nu bisa divariasikeun bisa ngagampangkeun urang keur ngahasilkeun sora nu warna-warni. Cék kolot, baheula mah ngalagu teh bisa ku karinding, Upama urang geus maher ngulinkeun sora karinding, bakal manggihan atawa ngahasilkeun sora pikeun ngomong, tapi sora anu kaluarna sada sora robotik.

0 komentar:

Posting Komentar

Popular Posts

Feedjit Live Blog Stats